Jambatan Cibanten Rungkad


Basa poe salasa burit kamari warga deket aliran cibanten serang mah geger, sabab jambatan didinya anu lojorna sampe ka 60 metr rungkad….emang lain dijieun tina beton sih jiga jambatan layakna, tapi tamah dijieun tina balok2 kayu anu dicangcang make tali galede tea…bisa jadi mereun rungkadna jambatan lojor eta akibat terus2an diguyur cihujan jueng beratna beban anu ditanggung, sabab eta jambatan cibanten lain ngan berpungsi sebagai tempat nyabrangna warga nu aya didinya bae tapi oge berpungsi sebagai tempat nalongkrongna warga didinya mulai ti orok bakecret sampe ka aki2….jadi mun keur ariseung eta sok nalongkrong beh disisi2 jambatan eta bari uncang2an tea sku na ngagantung….kabayangkan…

Taaah….kabiasaan nongkrong samodel kitu geus lila siih…ngaaan mereun warga nu biasa lalar liwat dinya teu nyangka mun jambatan eta bakal rungkad dina poe eta, kabeneran harita eta jambatan keur ponuh ku jalema, nya nu lalar liwat nya pinuh ku jalema anu iseng nalongkrong nongton cai cibanten anu deres ja hujan bae iyeuh mereun nyah…tah…sangking lobana jalema anu aya diluhur jambatan eta ahirna jambatan lojor iyeu rungkad…mun bisa ngomongmah mereun ta jambatan ngucap cangkeul yeuh aing….hahahahaaa….

Akibatna atu puluhan warga anu harita aya dijambatan eta atu ting ragragragan ka handap…mangkaning caina keur deres2 na…nu jadi korban jambatan cibanten iyeu pariatif…mulai ti budak mbolan sampe ka nini2 jeung ibu2 nu keur ngais anakna nu orok keneh geh jadi korbana…allahu akhbar…..jinganan nyhah nyiar naeeeun eta nalongkrong dijambatan sagala,…..ku eweuh gawe nyah….Hhmmmhh///

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.