13 Bulan Ngapung diLaut


Keur itu kula pernah ngangkat soal ABK anu ngambang dilaut salila 9 poe, sampe ka ngala lauk eh make calana na…hahahaaa….tah iyeu aya deui kajadian anu hamper sarua….tapi yeumah lain diurang….ngalainkeun dimeksiko…aya hiji lalaki ngarana Jose Salvador Alvarenga anu ngambang dilaut, salila sabaraha poe coba..??? salila 13 bulan!!! Edaaaassss berate sataun leuwih sabulan nyah……tapi kajadian iyeu loba nu nyangsikeun sih,,,,,teuing kunaeun boa…..mang jose iyeu salila 13 bulan iyeu ngan barangdahar lauk, manuk jeung penyu atah…wuaduuuh,,,,

mang jose iyeu kapanggih keur ca mukmuuuk beeeh dihiji pulo dinagara barak obama…heeeeh….ku janeeed eta nyasaaar na mang….tadinamah manehna duaan jeung babaturana….deuk ngala hiu cenah….tapi babaturanamah ninggal dijalan…euuu….jigana teu kuateun mereun nyaaah….
Ceuk mang jose, kula mangkat ti nagara kula eta the basa ahir tahun 2012..behhh….kapal kula kajebak hujan angin gelebug teeeh…..laju kami nyasar bari apung2an ditengah laut….kula teu apal arah deui….ahirna kula nyasar nepi ka amerika….ckkckckck….sabara kilo eta mang….aya bangsa ka 10.460 kiloanmah…eduuunnnn!!! Ho-oh tamah…hade teu disanglap ku hiu geh nyah…hahahaa…
Basa kapanggih tea eta mang jose, kondisina ngaprihatinkeun…awak dekil, buuk gondrong alabatan mbah marijan eh mbah surip kituh…..mana bewokan…jenggotna lojor….eweuh pangkas rambut jigana nyah…xixixixixi….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.