Gara2 Hutang Nyawa ngalayang…

Pagelaran - Kamari kula nyaritakeun soal paehna rentenir, iyeu mah giliran nu nginjemna….Warga di tilu kacamatan, nyaeta cikedal, pagelaran jeung labuan keur peutingmah dikagetkeun ku ayana pembunuhan ka salah sahiji perawat nu tugas dipuskesmas cikedal, ngarana sopiah biasa disebut the encop 35 taun warga kacamatan Labuan, dugaan samentara eta the ncop tea dipaehan ku salaki kadua ngarana erik 29 taun umurna dihareup puskesmas pagelaran. 

Kiyeu caritana, keur malem jum’aah jam 10 peuting, the ncop tea leumpang ka pagelaran, maksud namah rek ka imah kontrakan salakina erik, sabab manehna ngarasa pusing barijeung setres loba nu nagih ka manehna. Dating beh caritana eta the ncop tea kaimah sang salaki nu aya kampong kahuripan desa sukadame kacamatan pagelaran. Tah pas dating, the ncop tea langsung curhat ka sakadang salaki, mun manehna aya nu nagih hutang kudu mayar peuting eta oge, ku salakina tea nyaeta erik dibere 400 rebu, ja teu boga duit iyeuh mereun nyah, si duit tea teu ditampa ku korban ja aleung2an keneh ka beres tidinya mulai tah cekceok bakbeuk pasini, Ahirna si korban tea ngucap daripada aing asup penjara mending aing paeh bae.kitu 

ngomong kitu Korban bari ciiirrrr  ka dapur, nyokot peso….ku salakina ditahan eta si peso tea intinamah parebut peso beh…jiga difilm2 tea kitu la, ari bless kena dada korban, harita oge korban langusng ngalenggerek tersungkur dihareupeun kontrakan salakina anu pahoronghorong jeung puskemas pagelaran, ja pas kena jantungna iyeuh batur…korban laju dibawa ka imah dinas dokter nu tugas dipuskesmas pagelaran, tapi henteu katulungan, ahirna ninggal ditempat. 

Tidinya langsung dibawa ka rumah sakit serang untuk diotopsi.
Ti kajadian eta, salakina erik teu kanyahoan rimba na, sabab sanggeus korban dievakuasi ka imah dinas dokter jaga dipuskesmas pagelaran, salakina eweuh kamana boa, padahal anu ngalaporkeun kajadian eta manehna, tapi informasi nu dibere ka polisi satempat lain pembunuhan tapi kacilakaan. Tidinya polisi curiga, laju nyiar eta salaki korban peuting eta oge, beunang2 di cimanying menes jam 2 janari, niat namah rek kabur ka rangkas bitung, tapi kaburu katewak. 

Najan salakina geus benang, tapi pihak kapolisian ncan bias mastikeun soal motif pembunuhan anu nimpa the ncop, sabab masih dalam proses penyelidikan.  Ke urang tangguan nyah kabar selanjutnya….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.