Mayit dibanganga
Mandalawangi-Iyeu aya hiji deui berita anu rada linu ngadengena ceuk
kulamah, nyaho kan tanjakan banganga? Tah didinya aya penemuan hiji mayat
lalaki umurna kurang lebih 50 taunan aya, kapanggih keur ngagoletak dipinggir
pas tanjakan bangangah.
Ceuk salah sahiji warga anu kabeneran liwat dinya nana
nyarita, keur basa manehna liwat dinya kaget nempo aya jalema ngagoler dijalan banganga,
sabab pajar kulamah keur ti jauh keneh lain jalema the, pajar naon bae, pas
dekeut sing horeng mah jalema keur ngagoler kondisina geus jadi mayit etamah
the,nempo nageh linu the, beheungna jiga nu rek sapat tamah.
Teuing eta korban
begal atawa korban tabrakan namah kula geh teu nyaho, anu pastimah kiwari eta
si mayit dibawa ka rumah sakit serang jang diotopsi. Tapi ceuk kasatreskrim polresta pandeglang bapak dani gumilar,
samentara dugaan eta lain korban pembuhunuhan tapi laka lantas teh… coba konfirmasi
ka bagian laka lantas…ceuk staf laka lintas di polrest pandeglang ngaku teu
nyaho soal ayana kajadian eta, sabab can narima laporan.
Tidak ada komentar