Pameran di Alun-alun Menes Sampe H+9 Masih Dikeluhkan Pengunjung

Menes -Mun dipikir2mah eta ayana pameran di alun2 menes sarua jeung bohong nyah, diayakeun dialun2 pandeglang teu bisa nempo jeung ulin eta ka pameran ja sangheuk ku jauhna jeung sangheuk ku  gorengna jalan, diayakeun di alun2 menes geh sarua teu bisa nempo jeung ulin ka eta pameran sabab atuh kumaha ja ngaberber hujan bae, sangkilang deket nyah ti labuanmah. 

Sampe ka poe iyeu eta nu ngarana pameran pembangunan HUT Pandeglang ka 138, masih keneh nuai keluhan, diantarana nu diangluhkeun ku warga kampong saruni majasari pandeglang anu pernah nempo pameran, ngarana andri, manehna ngangluhkeun soal lobana runtah jeung teu nyamana lokasi pameran, komo ditambah ku hujan bae, atu the sandal kami mun dikilomah aya mereun eta lima kiloan mah. Ja atu kumaha alun2na iyeu taneuh bereum kabeh. Padahalmah the, kami keur rek barangkat kadieu, eta ngabayangkeun, nu ngarana pamarean pembangunan dimenes iyeu, rapih jeung ngeunah ditempona. Singhoreng alabatan pasar tradisional etamah, becek bari jeung kumuh tea. Lain eta bae bahkan rek liwat geh hese! Kumaha rek betah etamah nu ulin kadinya nageh kondisina model kitumah. 

Angluhan oge diungkapkeun ku nu boga arena permainan rumah balon, ngarana mang farid, ceuk manehna kula the ngeusi pameran kali inimah loba kanu pere na, atu kumaha ja kondisina hujan bae anu otomatis nyieun lapangan alun2 jadi becek, laju lamun aya nu rek ulin dirumah balon, kudu dikumbah heulan sukuna ja ledok tea.. pokonamah ripuhhh beh..alabatan!! mangkana kula dipameran kali inimah teu terlalu ngahareup meunang untung loba, bisa balik modal bae geh geus syukur kulamah, ja kondisina iyeuh jiga kiyeu…harrruuuuhhh….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.