Pameran HUT 138 Pabeulit

Menes -Poe minggu kamari kula caritana, ulin ka pameran HUT kab. Pandeglang anu ka 138, nu dipusatkeun dialun2 kacamatan menes. Ja asa ku panasaran tea…haying nyaho jiga kumaha sih pameran pembangunan anu dilakonan dialun2 menes…sabab nu enggeus2 mah pan dialun2 pandgelang dipusatkeuna.
Dating ka lokasi, kula geus nempo antuasias masyarakat anu jigana hareun aya kagiatan didinya..bahkan sapanjang jalan trotoar geh pinuh ka warga anu jigana menantikan kedatangan sang pemimpin kabupaten. Padahal harita karak geh jam 2 beurang, samentara jadwal pembukaana jam 4 sore.
Pertama dating kadinya kula geus dijieun kesel ku pabeulitna alur lalu lintas ti hareup sakola Malnu Menes, kusabab katempo na hese dilewatan ahirna kula milih balik deui, mending nitip motor ka tempat parkiran motor anu geus disadiakeun, ngan hanjakalna eta parkirna mahal 2000an bari jeung servina teu memuaskeun, gancang menta duitna doing, ngaluarkeun motor namah jojong.
Tah, dating ka lokasi pameran ku laju tertarik ka gapura pameran anu memang unik, jadi nuansa pedesaan banget, ditambah ku stand paling depan anu mangrupakeun stand boga pak cahyan dofyandi nyaeta dinas pertanian, anu hareupna dihias ku pare2 nu marontok meunang kabengkeutan tea…masih panasaran,,,?? Ke urang lanjut isukan nyah…heeee

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.