Pasmur


Menes-Warga didua kacamatan mah nyaeta menes jeung saketi dina poe salasa iyeumah sigana hareun yeuh sabab di dua kacamatan tadi aya kagiatan pasmur alias pasar murah anu dipusatkeun dihalaman kantor kacamatan menes. Ceuk salah sahiji panitia the eka, kagiatan iyeu mangrupakeun hasil kerjasama antar perusahaan BUMN, diantarana nyaeta PLN, BNI 46 jeung Krakatau Steel.

Kagiatan anu dimulai ti jam 8 isuk sampe ka jam 12 beurang iyeu panitia ngayakeun 1500 paket khusus jang ngabantu kabutuhan pangan masyarakat anu kurang mampu nu aya dikab. Pandeglang iyeu anu memang geus meunang kupon nu dibagikeun ku pihak kacamatan sapoe satacana. Oooooo ….

Masih ceuk the eka, dina setiap paket nu disadiakeun eta eusina beas c4 super 8 kg, gula putih 1 kg jeung minyak goring 1 liter dijual dengan harga 30 rebu doing. Beuuh atu lumayaaan nyah…Kagiatan pasmur iyeu lain ngan diayakeun dikacamatan menes jeung saketi doing the, tapi oge bakal diayekeun di kacamatan Labuan tepatna didesa teluk jeung kacamatan carita. Kitu ceuk the eka….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.