Sakacamatan jeung gubernur sunggunuhing

Serang -Dilingkungan terminal pakupatan Rt. 03/04 desa panancangan kacamatan cipocok kota serang, aya budak ngarana Lugas Triyadi umurna 3 taun, anak ti pasangan mang arifandi jeung bi susanti, anu ngidap panyakit kelenjar getah bening, ti umur 2 mingguan. Anak mang arifandi iyeu, teu cageur namah kupedah kahambat biaya jang barobat anakna. Nu nyieun kula ngarasa miris jeung prihatin lain kondisi ekonomi kolotna bae, tapi oge ku henteu perduli na pamarentah provinsi, komo gubernur bantena, padahal imah eta budak deket jeung imah sang gubernur banten. Panyakit getah bening eta, sarua jeung gondong, sabab lokasi na dina beheung. 

Ceuk bi santi, kiwarimah kula the ngan bias pasrah kanu nasib anak kula si lugas. Sabab kula geus teu mampuh, borokeun jang barobat anak kula, jang dahar sapopoe geh kawalahan. Najan kitu, bi santi teteup ngahareup, susuganan aya nu boga rasa karunya jeung perduli kanu kondisi anakna. Lain nanaon teeh, kula mah sok kauruhan, sabab eta anak kula sok diejekan bae ku babaturan ulina. Hmmmmm…pikarunyaeun amat rokk…

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.