Tujuh Orok SD Tigubrus ka Wadah ee..
Pandeglang-Aya hiji kajadian anu ceuk kula mah rada ngangres,kiyeu caritana, aya 7 budak SDN 11 pandeglang anu tigubrus asup ka jero septitenk eta geun wadaaahhh,….eehehee….pokonamah eta beh….keur basa poe rebo kamari. Kajadian iyeu diawali ku katujuh kurcaci eh katujuh budak SD tea jajan kadaharan cimol ja keur istirahat iyeuh.
Tigubrusna katujuh budak ka jero septitenk kusabab semen beton nu dibagian luhurna geus bobo nu otomatis teu bisa nahan beban berat, anu ahirna nyieun ka tujuh budak SD tea tigubrus ka jero eta wadah ehem-ehem….nyampe ka leuwih sameteran jero na….wadooh!! wangi doong…
Ngan unutngna eta budak, langsung bisa disangred ku panjaga sakola didinya, jadi henteu sampe ti gubrus ka jero teuing, laju diamankeun ka tempat anu kira2 aman, najan eweuh korban jiwa tapi ka tujuh budak tea ngalami luka2 diawakna anu kudu geura dirawat. Hmmmmh sok aya2 wae…..
Tidak ada komentar