Warga Bojong nagih jangji pamarentah

Bojongmanik -Warga desa bojong manic munjul ngangluhkeun soal gorengna jalan didinya, sabab geus babaraha taun iyeu kahayang warga bojongmanik ncan dikabulkeun bae, lamun nempo surat pengajuan ti warga didiyeu saduyugdug. Nu nyieun aneh kami,  eta the alesan nu diungkapkeun ku dinas terkait, nyaeta ku eweuh na anggaran bae. Ja ngadenge na hareneuk nangkub kulamah. Kitu ceuk mang aman salah sahiji warga bojongmanik. 

Masih ceuk mang aman, kami iyeu the  lamun ceuk dahar teamah geus belu, sabab ti taun 2000 sampe ka taun 2012 iyeu Alhamdulillah masih ajur keneh. Kondisi jalan didiyeu eta the….ulah keun ku roda opat, jalema geh teu bisa lewat. Ulahkeun noong the eta ka bojongmanik, ngadengekeun geh jiogana henteu eta kanu kahayang warga.
Lamun, kahayang kami didiyeu henteu diturutkeun dina jangka waktu deket iyeu, ulah nyalahkeun kami lamun kami abring2an ngadatangan ka kantor pamarentah.

Terserah etamah rancana warga didiyeu eta aksi demo atawa hearing, anu pastimah eta bukti kakeselan warga didiyeu ka pihak pamarentah, lain eta bae bahkan kami geh ngancam mending kaluar ti kabupaten pandeglang jeung moal mayar pajak, ja mayar geh ngadon, buktina hasil mayar pajak kami eweuh timbale balikna. Akibat kondisi kitu, ahirna kami kapaksa masang portal, jadi saha bae nu liwat diyeu kudu mayar 25 rebu. Hasil tina eta dikumpulkeun jang ngahadekeun jalan nu aya didesa kami the..kitu ceuk mang aman….hmmhh heu-euhnyah karerok oge…

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.