Warga Pandeglang dieyeug lini


Poe minggu janari kamari bagi kula mah merupakan akhir pecan nu ngarewaskeun, bagaimana tidak sabab jam 2 leuwih 26 menit hamper jam satengah tilu janari, hamper sakabeh warga banten pasti ngarorenjag dihudangkeun ku gedena lini alias gempa, termasuk kula anu harita asa aya nu ngahudangkeun. Teuing saha boa eta…begitu hudang kula laju ngajingjing anak nu kabenaran keur sare digigireun. Burisat bae lumpat ka buruan imah, sing horeng dihareup imah geus rame tatangga nu sarua dikagetkeun ku ayana lini anu lumayan gede 6 skala richter. 

Harita oge kula ilu abring2an jeung rombongan tatangga anu sarua rewasna, karumpul ditanah anu lapang..untungna eta dikampung kula masih aya tanah lapang nu nyesa…heee…kira2 10 menitan nangguan smape dirasa aman, kula berikut tatangga deket imah baralik deui ka imah sewang2an, naon karak geh rek muka lawang kamar, aya deui eta lini..ngan emag leutik tamah, 5.4 skala richter..najan dalam keadaan rewash geh Alhamdulillah kulamah masih bias neruskeun sare, oyuhan harita jatah libur kula.
Ceuk anu bagadang mah, dina jam 5an aya gempa susulan, ngan emang nu etamah loba nu teu ngarasakeun teu jiga nu pertama. 

Beuuh..nyah mana teuing urang aceh nyah anu gempa na gede 8.5 skala richter. Urang bae geh nu ngan 6 rewasna sampe nyieun tuur noroktok. Harita geh aya babaturan kula di FB anu memang imahna deket ka pusat gempa, langsung ngabaran jeung nanya kondisi kula didiyeu, ngarana deden koswara pamungkas, ceuk manehna disumur mah gempa karasana rosa, Alhamdulillah najan kitu teu aya karusakan, ngan begitu lini lewat disumurmah langsung disaeur ku hujan gede…dampak tina gempa atawa lini nu terjadi diurang, eta singhoreng karasakeun oge nepi ka pamekasan Madura…booh…jauhnyah…

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.