Warga sambut SIM Keliling

Labuan-Najan pernah teu jadi tapi ternyata antusias warga anu haying ngaperpanjang Surat Izin menaiki eh Surat Izin mengendara alias SIM, masih tinggi, eta kabuktian keur basa poe kemis kamari pas digigireun studio radio Krakatau. Eta Kagiatan hasil kerjasama polsek Labuan jeung polda banten. Ceuk Kanitlantas Polsek Labuan AKP Wi­noto, total pengendara anu poe eta ngaperpanjang nyawa SIM na the nyampe ka 168 warga, tina jumlah eta aya oge anu teu ngaperpanjang nyawa SIMna sampe ka belasan taun. Booohh…poho ta naeun eta pak..

Ceuk salah sahiji warga anu harita ilu ngaperpanjang SIM na mang faiz, kula mampang mempeung the ngaperpanjang SIM didiyeu sabab mun kudu ka polres mah kula rada hulap, berat diongkos, jadi lamun eta teamah gede teuing biaya kula ti imah ka pandeglangna daripada biaya jang ngaperpanjang SIM na, lamun didiyeu mah paling mentok geh 100 rebu, coba lamun kudu ka pandeglang, ncan biaya jang SIM na, ncan ongkosna, ncan jang daharna sabab nyieun SIM eta moal begitu dating langsung jadi, pastinamah kudu nanggoan heulan. Pokonamah kula ngucapkeun nuhun beh ayana perpanjangan SIM dilabuan.

Samentara eta mang mardi mah warga anu ncan boga SIM ngahareup, engke mah ulah ngan ngaperpanjang SIM doing tapi oge pembuatan SIM, sabab karunya warga anu haying boga SIM jiga kula iyeu the, ja mun kudu ka pandeglang asa ku berat, berat sagala2….kitu ceuk mang mardi.

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.