12 taun Banten, Serang teu kaurus

Kota Serang sebagai Ibukota Provinsi Banten boleh dibilang etalasena Provinsi Banten. Mun kota serang bersih, indah jeung tartib, maka bengeut Provinsi Banten oge katempona bakal sampurna. Sabalikna mun kota ieu katempona bopeng, kucel n dekumel jeung pinuh ku runtah eta bisa katebak yen provinsi banten oge teu jauh beda kondisina. Mun ceuk bahasa urang namah, nu jadi ibu kota provinsi na baeg kitu komo nu ngarana pandeglang jeung lebak, Leuwih teu ka urusna!

Mun ngutip tina obrolan masyarakat nu sok ngarobrol diwarung kopi mah, ngabangun kota serang bae geh teu ncus, kumaha rek ngabangun daerah banten anu saluas ieu. Hmhh…..karerok…padahal PAD provinsi banten ieu kiwari geus nyampe ka 4 triliun!! Kamana coba eta duitna…

Cig tempo, nu ngarana sarana infrastruktur jalan dikota bae geh acak kadut, ulah jauh jauh tempo bae kondisi terminal pakupatan anu jarakna teu jauh ka kantor gubernur, bahkan leuwih mirisna deui huruf2 nu narempol di gapura kantor gubernur sarengkleh geh diingkeun bae, teu boga ka isin nyah ta ka PAD.lain eta bae, kondisi lalu lintas pabeulit, padagang kaki lima diingkeun daragang disambarang tempat bahkan ditrotoar jeung dialun2….geusmah kacau, ditambah deui ku numpukna jeung acaka2ana runtah sampe ka halibeuran ka jalan raya.

Jadi ulah aneh mun dipandeglang iue nu ngarana jalan, runtah jeung sajabana masih teu ka urus, sabab diibukota provinsi na bae geh model kitu, pabuliksak teu ka urus.

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.