ngalumayankeun kulit kerang

biasana mun urang mah geus ngadahar eusi kerang cangkangna sok dipiceunan kan..?? atu piraku deuk diteleg nyah,,? Hehehee….enya henteu nempo aya mangpaat lain tina cangkang kerang eta.

Jiga nu dilakonan ku mang Asnawi warga Desa Karyasari Kecamatan Cikedal, anu sapopoe na ngolah cangkang kerang jang dijadikeun apu atawa sajenis kapur jang ngecet bilik, dijadikeun pupuk atawa jang penetral kandang hayam. Ooo….bisa nyah? Lalakon mang asnawi iyeu geus dilakonan bapuluh2 taun, jigana ti manehna budak keneh mereun nyah, bisaan…padahal imahna jauh ti basisir. Mang asnawi iyeu biasa nyiar bahan baku jang usahana tea ti mana mendi, ti panimbang jeung tegal papak. Eta manehna meulian cnagkang kerang ti pengepul sapengki na 5 rebu.

Ceuk mang asnawi, ngolah kerang iyeu the gampang2 susah, kula biasa meleum cangkang kerang iyeu bisa nyampe ka dua atawa tilu poeanmah, karak diangkat ti hau. Mangkana kadang dina saminggu eta kula ngan meleum cangkang kerang eta dua kali doing. Beuhh..atu tamah beak ku hau bae mang modalna…

Ceuk mang asnawi, unggal meleum cangkang kerang eta the kula beak 400 sampe 450 rebu, ncan jang dahar nginum kula salila ngagawean eta. Untungna eta the paling geh cukup jang dahar kaluarga doing the, mun aya sesa nya ditendeun jang nyambung hirup, bisi kula gearing the atawa jang naon bae.

Biasna aya nu dating sorangan kadieu teh, kadang kula ngajual sorangan ka pasar Labuan jeung menes. Kula biasa ngajual eta 5 rebu sakilona. Beuuh atu lumayan bae nyah mang….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.