ATM Macet, Jutaan Duit Raib

Serang - ati2 pikeun kaka teteh anu biasa nyokot duit lewat ATM, lain nanaon bisi doing kang Muhamad Luthfi doing. Sabab iyeu salah sahiji warga kampong kadu beruk, desa sukarame, kacamatan serang kudu ngarelakeun duit tabungana anu nilaina lumayan kabeuli mobil sekend mah, eta sakitar Rp38,5 jutaan, gara2 digondol penipu. Caritana kiyeu, kira2 jam 5 burit eta kang Luthfi tea, niat rek ngala duit di ATM salah sahiji bank swasta nu aya diwarung pojok serang. Ngan gagal, sabab ATM na macet otomatis kartu ATM na teu bias kaluar ti mesin. Tah ti diyeu yeuh masalahna.

Kan biasana mun di ATM2 sok aya nomor layanan tah, caritana si luthfi tea ngahubungi eta nomor bank bersangkutan anu aya didinya. Nyambung..nyambung namah, nu ngangkatna lalaki, ngarana Sugeng Rianto, ngaku bagian pelayanan Bank eta.. si sugeng tea mnt nomor PIN korban, tanpa piker panjang ja pagawe bank na iyeuh mereun nyah, ahirna dibere nomor PIN ATM na ku siluthfi tanpa rasa curiga.

Sanggeus diberekeun nomor PIN oknum nu ngaku pagawe bank BCA tea nitah si luthfi supaya ngadatangan kantor Bank terdekat, lamun haying kartuna dicokot deui. Kitu…dating beh caritana tea si luthfi ka bank terdekat, naon ari di cek duitna nu Rp38,5 juta rengse!! Haruuugggghh..

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.