Gara-gara runtah, nyawa melayang


Neglasari - Warga kalurahan kedaung baru kacamatan neglasari digegerkeun ku ayana penemuan mayit lalaki korban pembacokan, ngarana suhendi umurna karak 28 taun, anu ditimukeun diareal tempat pembuangan sampah alias TPS keur basa poe senen sore. Ceuk salah sahiji saksi mang amad, panyebab namah sepele teh, ngan kulantaran gara2 si suhendi iyeu miceun runtah ditempat palaku nu berinisialna A 29 taun biasa nyiar piduiteun.

Kiyeu caritana teh, si suhendi tea rek miceun runtah ka TPS nu aya didinya, ngan keur harita si A anu biasa mulung runtah di TPS nu sarua kabeuratan ku kalakuan korban. Tah akibat saling teu narima tea, duanana cekcok bak beuk saling ngawada sagala. Si A tea teu narima ku ocehan korban. Si A balik caritana ka imahna ngadon nyokot golok doang, si A tea anu masih disalimutan ku emosi nyamperkeun suhendi bari bet ngabacok beteung korban sampe kabeh eusi beuteung korban kaluar.

Masih ceuk mang amad, Padahal harita loba jalema teh…tapi eta teu walakayaeun nulungan jeung misahkeun eta budak dua nu keur gelut tea Ja bisi ilu kabacok. Sabener namah teh korban pas geus dibacok masih aya nyawaan keneh tapi jigana korban teu kuateun, sahengga diperjalanan ka Rumah Sakit suhendi ngahembuskeun nafas terakhirna. Samentara palaku harita geh langsung kabur sanggeus bakbeuk ngabacokan si suhendi…hmmmm heu-euh nyah…gara2 runtah doang eta sampe ka kitu..

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.