Gara2 haranga, mang ujang ditewak polisi
Lebak-Masih inget teu kanu kasus pembunuhan anu nimpa mang arjudi 55
taun warga kampong babakan cikareo desa cikareo kacamatan cileles lebak, anu
ninggal akibat dibantai ku salah sahiji tatangga kampungna mang ujang 35 taun
warga kampong cilandak desa cikareo cileles lebak anu harita pas geus ngabantai
mang arjudi laju ciirrr bae kabur minggat ka leuweung..
Tah…keur malam minggu kamari ahirna mang ujang berhasil
ditewak ku aparat kapolisian anu salila 36 jam nyiar eta pembunuh bertangan
dingin, kira2 jam 20.15 wib diimah palaku. Gara2 naon coba eta palaku ahirna
bisa ditewak..??? gara2 mang ujang tea ngarasa haranga!! Sabab 36 jam manehna
jadi buron, teu manggih kadaharan nanaon, ta iyeuh lumpatna ka leuweung, atu
moal manggih kadaharan.
Ceuk Kapolsek Cileles Ajun Komisaris Polisi (AKP) Idat Satya
Mursid, berhasilna palaku ditewak henteu lepas tina ayana katerangan warga
didinya anu nempo palaku asup ka imahna, ngadenge informasi eta polisi langsung
sigap ngaliung imah palaku. Awalnamah mang ujang rek kabur deui the, kupedah
polisi mere peringatan supaya kaluar tiimahna tanpa make baju jeung mawa golok,
ja bisi kubisi2 tea mereun nyah, ahirna mang ujang nurut.
Masih ceuk kapolsek, lamun berdasarkeun hasil BAP mah the,
palaku sampe ngabantai korban anu oge terkenal saruana gara2 dendam sabab
antara palaku jeung korban boga masalah soal sengketa tanah anu lumayan geus
lila persoalana jadi lamun ceuk sinetron teamah musuh bubuyutan
Hmmmh….puguh loba bejana mun soal tanahmah, padahalmah moal
dibawa paeh barang nyah nu kitumah….yang waras yang ngalah burungan..Akibat kalakuana mang ujang bakal dikenai hukuman Saumur hirup
atawa hukuman mati, sabab aya indikasi pembunuhan eta geus direncanakeun…. wadoh…
Samentara tersangka ngoceh, yen manehna maehan mang arjudi eta
kusabab cenah ceuk palaku iyeu geh, mang arjudi na anu menta dipaehan bahkan
anak na mang arjudi geh geus ngijinan, sabab lamun mang arjudi teu dipaehan
kumanehna aya bejana mang arjudi yang akan memaehkan dirinya… piraku mang….
Tidak ada komentar