Warga dahu meulak cau
Cikedal-Akibat kesel eta warga dikampung dahu jeung warga dikampung
bangko desa dahu kacamatan cikedal keur basa poe minggu kamari ngalakukeun aksi
kakeheulan dalam bentuk meulak tangkal cau dijalan anu memang sangat
ngaprihatinkeun, aksi iyeu husus ditujukeun ka pemda pandeglang sabab ti taun
2005 warga didinya ngajukeun sampe ka taun 2012 deui usulan anu baheula pernah
diajukeun acan direalisasikeun keneh bae.
Ceuk salah sahiji warga didinya idan, aksi meulak tangkal cau
dijalan anu ngahubungkeun baaraha desa ka kantor kacamatan iyeu sangaja
dilakonan the, sabab kami didiyeu ngarasa hareneuk nangkub ka pamarentah. Kami
ngajukeun enggeus, bahkan unggal musrenbang kami ngajukeun eta jalan.
Musrenbangmah musrenbang jojong, jalanamah ajur bae sampe saiki..laju kami kudu
kumaha iyeu…..
Ceuk mang idan, aksi samodel kiyeu the sabanernamah baheula
geh pernah dilakonan ku warga didiyeu, sabab akses jalan nu aya Kampung Bojong
Canar, Bangko, Dahu, jeung Sudu Mampir iyeu kondisina masya allah bae.
Ajuuurrr
Tidak ada komentar