Pameran HUT aneka Ragam
Menes -Sambungan nu kamari nyah, terkait pameran HUT Kab. PAndeglang
anu 138 tea….kamari kula ngacaritakeun soal pabeulitna lalu lintas, kondisi eta
ternyata lain diomongkeun ku kula doing tapi oge ku warga anu geus pernah noong
ka eta pameran, termasuk warga menes jeung sakitarna oge berpendapat sarua.
Kiwari kula rek nyaritakeun soal eusi stand nu aya dipameran
eta, pertama kula noong kadinya, kula langsung asup ka jajaran stand boga
satuan kerja perangkat daerah alias SKPD atawa boga dinas2 nu aya dikabupaten
pandeglang. Sanggeus kula nempo stand boga dinas pertanian, kula lanjut nempoan
stand2 anu laina, diantara stand anu laina, aya hiji dua stand anu menarik mata
kula, nu hiji stand boga korem siliwangi, sabab didinya loba replica pernak-pernik
boga TNI, mulai pestol, baju sampe ka jaket jang budak leutik, pokonamah army
look banget beh…
Ngan hanjakalna dina stand2 biga dinas henteu dipajang
program2 pembangunan naon bae nu geus berhasil jeung nu rek dicapai…tah geus
nempoan eta stand boga pemda, kula ngulilingan ka stand anu laina, nyaeta
stand2 boga kacamatan. Macem2 eta stand boga kacamatan mah, sabab didinya
mamerkeun kadaharan jeung hasil bumi masing2..ngan nu rada resepmah stand boga
kacamatan nu ti wilayah selatan, salah sahijina cibaliung, mulai ti gula bereum
Bangkok, madu, beas bereum sampe endog bebek nu balongsor jeung endog tiwu geh
aya. Nempo endog tiwu kula laju inget bae ka pa teja….hehehehe…
Barang2 nu dipajang dimasing2 stand eta bias dibeli, ngan
hargana eta teu bias ditawar saeutik geh….haruuuhhh….
Tidak ada komentar