Teu Kabeuli Susu, Orok 2 th Ninggal
Serang - Khoirunnisa,
umurna karak 2 taun leuwih sabulan, anu mangrupakeun penderita gizi buruk warga
Cijawa Masjid RT.01/01, Kelurahan Cipare, Kecamatan Serang, Kota Serang imah
nageh dekeut jeung gubernur banten, eta ninggal keur basa poe kemis kamari. Anak
ti pasangan mang Sunaryo jeung bi Multiana ieu ninggal, kusabab kolotna teu
mampueun meuli susu jang eta budak…beuhh anaking pikarunyaeun amat nak…
Bi
multiana nyarita, anakna si anisa emang ti sabarang brol dilahirkeun kadunia
iyeu boga masalah jeung berat badana anu ngan 2,4 kilo. Lain eta bae ditambah
deui ku saat na cai susu indungna. Jadi kapaksa anakna dibere susu formula
unggal poe na. awalnamah the, kabutuhan susu formula jang si anisa kapenuhi,
ngan lila2 mah kula jeung bapana teu kolu meuli na. sabab dina saminggu na
lumayan duit nu kudu disadiakeuna eta nyampe ka 150 rebuanmah, samentara gajih
bapa na ngan 500 rebuan sabulana the…jang dahar bae geh teu cukup. Komo jang
meuli susu anak kula teeeh….
Tidak ada komentar