Gunung Anak Krakatau Bengek


Keur basa jam 5 subuh kula kahudangkeun ku sora kaca jandela kamar anu ngageder, pajar kula katiup angin, tapi pas diperhatikeun, naon iyeu kaca ngagederna unggal geus aya sora ngaguruh. Harita kula teu mikir nanaon ja pajar sora guludug iyeu. Tapi parangsaan baheula keur usim guludug pating jalager geh iyeu kaca imah tara ngageder jiga kitu, kula teu mikir yen nu ngaguruh tea lain sora gunung anak krakatau. Ku kula didengekeun bae eta sora kaca jeung sora anu ngaguruh tea, sing horeng enya bae eta sora gunung anak Krakatau, sabab eta nguguruhna babaraha kali….

Kula menang info isukna ti panyanyi eren eta geun vokalisna kangen band tea anu kiwari solo karier, nga bbm ka the nisa, yen dilampung mah anu mangrupakeun kota kalahirana loba debu hararideung narempel ka imah2 bahkan jalanan geh pinuh ku debu nu harideung tea, bias jadi eta abu vulkanik ti gunung anak Krakatau..

Ceuk kepala PVBMG pak surono, gunung anak Krakatau the emang kiwari bengekna keur kumat deui, eta kajadian ti jam 11.30 kamari, sampe saiki eta gunung masih batuk keneh bae..najan eta gunung geus ngaluarkeun lava pijar nepi ka 300 meteran luhurna, tapi masyarakat ulah water sabab eta mah aktivitas biasa atu batur geh haying ambeukan the….. ngan wayahna ulah deket tuing beh ka gunung nyah bisi ka babuk ku lava pijar doing…..kitu ceuk pak surono….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.