kuburan atawa rumah sakit
Warga cipondoh tangerang digegerkeun ku ayana aksi duel maut, lain nyanyi nyah tapi garelut, antara mang junaidi jeung mang nurdin keur basa kamari ba’da isya, anu bakbeuk gelut, nepi ka nyebabkeun mang nurdin ninggal di jalan basa rek dibawa ka rumah sakit.
Kunaon cenah…puguh kula geh teu nyaho n aon akar masalahna…bahkan babaraha saksi nu nempo aksi duel eta teu ngartieun gara2 naon eta orok dua sampe ka garelut jiga nu kasandingan. Aaiiiih…
Ngan ceuk salah sahiji saksi anu nyaho awal kadatangan mang nurdin ka kontrakan mang junaidi, awal namah eta mang nurdin ngetok panto kontrakan mang junaidi bari jeung menta mang junaidi supaya geura kaluar. Harita mang junaidi ngajawab, deuk naon, aya naon..??? dijawab baik2 ku mang junaidi. Teuing kunaon boa eta mang nurdin ujug2 ngaluarkeun golok bari beuk! Bae ngabacokan mang junaidi. Atu tidinya duanana bak beuk, sampe ka dua dua na ambruk…hadeuuuh….parebut bikang paling geh..heheee…
Akibat kalakuana mang nurdin ngalami luka bacok dina beheung, handap mata jeung leungeun sabeulah katuhu. Sedengkeun mang junaidi kabacok dina leungeun sabeulah kenca. Warga didinya mawa eta dua pendekar anu geus ngadu elmu tea ka rumah sakit terdekat, ngan hanjakal mang nurdin nyawa na teu katulungan..innalillahii….
Tidak ada komentar