Bubur Sop Delan Mang Sariman

Saha nu henteu nyaho kana bubur mang sariman, nu aya dikampung botok desa sukajadi carita..? anu hamper unggal poe teu masini isuk teu masini peuting sibuk bae ngalayanan nu meuli bubur sop doing. Komo mun poe minggu atawa tanggal merah nu laina, beuuuh! Kelar beh…pelanggana eta mulai ti budak dodolog nepi ka pagawe kantoran, termasuk kula beuki eta ka bubur mang sariman, mun ulin ka carita pasti mampir kadinya sabab asa aya nu kurang tea mun henteu mampir kadinya. Ngan eta mang hargana mahal teuing ceuk kula mah…alabatan harga bubur ayam si mas sukar bae….hehheee
Mun keur jaman kula sakola mah eta dikenalna bubur sop botok, lain bubur sop mang sariman.

Ceuk mang sariman, Bubur sop mang sariman eta unggal poe na bisa ngabeakeun babarah oblong bubur sop. dina hasil dagangna unggal poe eta kula the Alhamdulillah menang 300-500 rebuanmah sapoe na, mun poe minggu eta kula the bebenangana nyampe ka sajutaan mah…enya pasti atuuuu harga samangkok nageh 2500 tea mang…tereh ka munggah haji tamah…hihihii….,

Masih ceuk mang sariman, kula iyeu the dagang bubur sop jiga kiyeu ti umur kula budak keneh, kira2 taun 80an…beuh! Atu tamah pas brol na kula ka dunia mang. Geus lila oge nyah….sabara tahun nyah,,??? Hheee…ulah dibejakeunlah isin kami…

Awalnamah the nu dagang bubur sop iyeu kolot baheula, unggal puasa eta pasti nyieun bubur sop tilok tinggaleun, mun buka eta pasti ngadahar bubur sop jieunan indung kula the, jadi mun ceuk bahasa gaul namah makanan paporit kaluarga kula the. kadang sok dibabagi oge ka tatatangga, sing horeng tatangga loba nu beukieun, tah! Tidinya kula kapikiran kumaha mun didagangkeun…hadeee…hade….otak bisnisna jalan berate mang….heeeheee….

Harita eta kula dagang bubur sop eta make modal saayana the, Alhamdulillah bataun2 ngarintis dagang bubur sop iyeu, kula bisa nyakolakeun anak2 kula. Najan anak kula kiwari geus karawin, kulamah teteup dagang bae, atu kumaha the ja dalam rangka memenuhi kabutuhan palanggan tea…Hmmmmh…gaya mamang bahasana….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.