Tanggal Ngora, Pasir Putih Pasti Rame

Kula kadang sok iseng mun libur gawe sok ngukuran jalan, jalan mana bae tamah….kadang nguriling ka pasar, kadang ka pedesaan atawa ka lokasi wisata pantai nu aya dicarita. Eta nyah meuni kelar mun poe minggu ulin ka daerah wisata pantai, komo mun barijeung papasan jeung tanggal ngora tea. Mejeuhna keur baroga duit. Ngan kula teu kahartina tina sakian lokasi pantai nu aya dicarita, nu katempo ponuh bae ku ebes eta dua doing, pantai pasir putih jeung pantai karang sari, eta geun boga H, enjat djatnika tea geun anu oge anggota DPRD pandeglang.

Nu arulin kadinya lolobana ti luar daerah, jiga bogor, tangerang jeung Jakarta, mun lokalnamah…aya sih aya…ngan lolobana ngadon jadi padagang doing atawa nyewa2keun samak tea. heeee

Ceuk salah sahiji juragan samak nu biasa mangka didinya, ngarana bi Ijah, mun unggal tanggal ngora eta the emang sok beda bae didiyeu mah, teuing kunaon boa. Nu ngarana tempat ulinmah kan the ramena poe sabtu minggu, iyeumah najan poe libur geh ari lain tanggal ngora moal aya pangaruhna the, pasti jempling. Oooo…. Kula bae geh the mun unggal tanggal ngora najan eta lain poe sabtu minggu mangkal didiyeu pasti laris, biasana kula bisa nyewakeun tangka 10 samak, et ncan sapoeun the karak geh nyampe ka jam 12 beurang. Beuuh!!

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.