Ngarak Pangantén
Asana
kuari mah geus hésé manggihan deui tradisi ngarak pangantén. Jaman kami
keur leutik mah éta mun rék aya nu hajat biasana saminggu kénéh geus
ramé nu nyiapkeun sagala rupa. Di awalan ku nabeuh lisung (naon tah
istilah na kami poho deui), pokona mah sampé kadéngé ka sabrang lembur.
Biasana éta nu narabeuh lisung para cawéné, ibu-ibu, sampé ka nini-nini.
Para lalakina sibuk nyieun balandongan, meuyeum cau dina jero taneuh
dituruban ku sagala dadaunan (utamana daun jeruk) terus digembos ku
haseup sapu paré.
Sapoé kana wanci hajatna, peutingna aya
istilah “ngadiukeun”, nyaéta ngariung bari mamaca alias maca séh
katélahna. Budak laleutik arulin dina kolong balandongan bari
gugulayutan maké samping. Sapéker toa jojong mani harus kadéngé ka
tatangga lembur.
Nincak kana waktuna, parawali saribuk. Aya nu ngaléteran béas, aya nu ngitungan emih jeung sajabana.
Isuk-isuk pas mata poe ngahaneutan hulu,
grup kitimpring geus siap-siap rék nyambut pangantén lalakina. Kitu
deui ti pihak lalaki ngabéjaan yén pangantén lalaki geus di tengah
perjalanan. Pangantén bikang mulai diarak ku grup katimpring nyampeur
pangantén lalakina.
“Prok kotoprok toprok ding dung ding dang ding dung ding dang,”
kitu sawara katimpring nu ngeunah kadengéna kana ceuli. Ti jauh kénéh
geus kadeuleu rombongan pangantén lalaki nungguan. Barang geus amprok,
pangantén bikang cium tangan ka pangantén lalaki, terus ngaréndéng.
Rombongan panganteur terus ngagabung siap-siap ngarak ka imah pangantén
bikang. Eta babawaan pangantén lalaki loba jasa.
Aya nu disebut gotongan nyaéta awi panjang anu maké suku di
ujung-ujungna. Eusina aya cau turuyan, kalapa samanggar, jebug, daun
seureuh nu dihiasan ku rumbé-rumbé daun kalapa. Can deui nu mikul
tenong, mikul hancenangan, nungtun mbé jeung nu ngélék kotok.
Sanggeus rombongan ngahiji, grup
kitimpring mulai nabeuh deui, ngarak pangantén sampé ka imah pangantén
bikangna. Nepi ka buruan imah pangantén bikang, pangantén disawér heula
maké duit récéh dicampur jeung ésbongbon campur rampé nu seungit
kaambeuna. “Wurrrrrrr,” saweran diaurkeun.
Budak leutik, kolot, kabéh gaur rebutan sawéran. Bérés disawér kakarak
pangantén naék ka imah (ari baréto mah pan imah panggung téa). Pangantén
lalaki diukna gigireun naib alias panghulu, ari pangantén bikangna mah
diukna dibalik lawang, ja baheula mah pamali cénah, can beunang ngahiji
lamun can ijab kabul mah.
“Tarima kaula nikah ka nyi anu kalawan
mas kawin tilu gram emas, kontan…!!” kitu ceuk pangantén lalaki bari
sasalaman jeung panghulu. Sanggeus kitu mah kakarak éta pangantén
dihijikeun diuk dina puadé.
Peutingna, panganten lalaki can bisa
meulah kadu, ja kudu aya acara ngariung heula. Parawali sibuk nyiapkeun
daun cau jeung daun kalapa, jang wadah berekat. Puguhna ari hancengan
jeung bakakak mah geus loba, sumawona kukuehan mah. Aya ranginang, opak,
gipang, pais cau, pain énten, pasung jeung sajabana.
Acara ngariung diawalan ku pertokol,
terus pangajian Al-Qur’an nu biasana dibawakeun ku santri anu ngeunaheun
sorana. Sanggeus kitu mulai pertokol ngebéjaan lamun pangantén bikang
ndeuk hataman. Dina lawang tengah, pangantén bikangna didangdanan maké
tiung. Bari jeung rada ngageder pangantén bikang naraman ngaji ti mimiti
al-hakumut sampe kul a’udu birobbinnasi. Tungtungna, acara ngariung
peuting éta ditutup ku ceramah ti kiayi, biasana sok sampé ka jam tilu,
atuh pangantén lalaki teu bisa nanaon. Isukna, giliran acara munjungan,
nyaéta pangantén dianteur silaturahmi ka imah pangantén lalakina. Tah kitu kira-kira acara ngarak
pangantén anu ku kami sok disaksikeun basa keur leutik. Sugan dulur
dulur aya nu boga cacaritaan dina perkara jaman baréto mangga kirimkeun
ka krakatauradio@yahoo.co.id
Tidak ada komentar