Rebo Wekasan


 
Nincak panungtung bulan sapar, husus na mah poé rebo panutup geus biasa, di wewengkon Pandéglang kabéh imah ngarulub kupat. Ari maksudna mah, ceuk kolot ieu géh, ieu jang tolak bala sakalian papadang ati. Rupa-rupa pangabisa samodél kieu : aya jelema ngaranna Mang Kasan anu bisa nyieun urung kupat dina tangkal kalapa kénéh bari jeung anéh, sabab nyieun urungna beda ti batur. Éta daun kalapa teu kudu diteukteuk palapahna, ngan, kurung dijieun tina buntut lain tina hulu. Pan teu kaharti tah. Sémang teuing lalanjung bari monggéhéng dina tangkal kalapa bari nyieun urung. Lain teu hébat eta! Hayoh.
Ari urung kupat bentukna rupa-rupa, ti mimiti kupat pasar, kupat bawang, kupat keupeul, kupat manuk, kupat baléncong, teu katinggaleun nyarieun leupeut, salimpeu, sampé ka beubeud. Ari eusina ti mimiti béas Cimanuk sampé ketan hideung.Nu karunya tangkal kalapa, sagalana diarah bébéakan, untung teu ceurik géh. Coba lamun jelema mah geus ngajengék meureun. Téténongan, ceuk nu bohong téa mah sampé tujuh belas susun, teu percaya sabodo.
Lian ti éta aya nu percaya lamun boga karesep nguseup, éta wanci anu bagus jang nyieun jeujeur, siringan ti paray nepi ka boncel moal leupas bari dijampéan mais….., meuleum…., moroos….., poos.

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.