Padagang Kaset CD pindah ka kalang sari
Cigondang -Keur basa malam minggu kamari kula caritana investigasi ka
kalang sari, eta geun anu loba warung remang2 na tea..kula ngan haying
ngabuktikeun pangaduan ti warga didinya soal teu ngaradigna warung2 nu aya
didinya mun unggal peuting. Teu masini adzan maghrib teu masini malam jumaah,
eta nu ngarana music beuuh alabatan padagang cd nu dipasar Labuan beh!! Pating
tembal tea antara hiji warung jeung warung anu laina pa bedas2 jiga nu keur
lomba berbalas pantun tea, mending mun panting mah ding ngeunaheun jeung resep
tea ngadenge na, barang eta nu disetel nageh music anu nyieun hulu kula
ngubeng!!
Harita kula ulin kadinya ayalah jam 10-11an peutingmah, terus
terang kula geh kaget nempo kondisi lokasi eta dina malam hari, sungguh berbeda
tea dengan kondisi disiang hari na. sabab kula lamun eweuh jadwal siaran isuk,
sok iseng ulin ka PLTU ngalewatan lokasi anu loba warung2 na tea geun…eta mun
beurangmah ja biasa bae, jiga warung biasa. Ngan emang aya babaraha warung anu
sok nutup bae, tapi aya motor hiji dua nu parker dihareup eta warung. Katempo
biasa namah sabab didinya aya salaki, pamajikan jeung anak2na anu laleunyun
keneh.
Tapi pamandangan nu disiang hari singhorengmah brubah total,
jiga didiskotik tea kitu la…pa gede2 musik jeung caang tea, laju didinya loba
kupu2 malam weiiissss….pakean nageh suit..suit..ctakk…ctak….bari maredok
tea….pantesan eta nyah warga didinya loba nu ngangluhkeun dikumaha iyeu,
horenganan emang mengkhawatirkan oge….pak mustandriiiii damang…
Tidak ada komentar